Kamis, 25 Oktober 2018

Sejarah Kecamatan Tanjugmedar


Sampurasun................................
Kacamatan tanjungmedar mangrupakeun pamekaran ti kacamatan tanjungkerta ngawitan ngadeugna tanggal 21 mei 2001 ngaran tanjungmedar dicandak ti ngaran makam karamat nu ayana di pasir tanjungmedar. Ngaran tanjungmedar ngandung hartos nyaeta tanjung hartosna nanjung (maju,  mandiri atanapi mapan), medar ngandung hartos mekar.
            kacamatan tanjungmedar ka ayaan wilayahna kagolong wilayah pagunungan anu diwengku ku wates belah kulon kabupaten subang belah wetan kacamatan tanjungkerta belah kidul kacamatan rancakalong jeng belah kaler kacamatan surian dimana kacamatan tanjungmedar jumlah pendudukna nyaeta kirang langkung 29.201 jiwa nu kaseubar di 9 desa seuseurna masarakat kacamatan tanungmedar padameulanana janteun patani. Tatanen anu aya di tanjungmedar seuseueurna tatanen anu aya di darat sarupaning cikur, kacang, suuk jeung sajabana.
            masarakat kacamatan tanjungmedar teu hilap ngamumule seni tradisi sunda di antarana :
1.      Seni tanji kuda renggong anu sadayana desa ngagaduhan grup (kuda 36 ekor, tanji 11 grup sareung penarina 2 grup).
2.       seni tarawangsa aya di desa tanjungwangi.
3.      Kendang penca anu ayana di desa kertamukti.
4.      Seni gemyung ayana di desa kamal sareung tanjungwangi.
5.      Seni jaipong ayana di desa cikaramas, wargaluyu sareung sukatani.
6.      Seni tardug ayana di desa cikaramas.
7.      Seni reog ayana di desa jingkang
8.      Upacara adat sunda ayana di desa jingkang
9.      Kacapi suling ayana di desa sukatani
Kacamatan tanjungmedar ngagaduhan visi anu nunjang ka visi kabupaten sumedang nyaeta kacamatan tanjungmedar (menarik, sejahtera, ramah sareng agamis) atanapi disingkat kacamatan tanjungmedar “mesra”.
Kacamatan tanjungmedar sanajan ayana di pasisian sareung tapeul wateus jeung kabupaten subang teuteup ngadukung sareung ngalaksanakeun sumedang jadi puseur budaya sunda.