Sampurasun................................
Kacamatan
tanjungmedar mangrupakeun pamekaran ti kacamatan tanjungkerta ngawitan
ngadeugna tanggal 21 mei 2001 ngaran tanjungmedar dicandak ti ngaran makam
karamat nu ayana di pasir tanjungmedar. Ngaran tanjungmedar ngandung hartos
nyaeta tanjung hartosna nanjung (maju,
mandiri atanapi mapan), medar ngandung hartos mekar.
kacamatan tanjungmedar ka ayaan wilayahna kagolong
wilayah pagunungan anu diwengku ku wates belah kulon kabupaten subang belah
wetan kacamatan tanjungkerta belah kidul kacamatan rancakalong jeng belah kaler
kacamatan surian dimana kacamatan tanjungmedar jumlah pendudukna nyaeta kirang
langkung 29.201 jiwa nu kaseubar di 9 desa seuseurna masarakat kacamatan
tanungmedar padameulanana janteun patani. Tatanen anu aya di tanjungmedar
seuseueurna tatanen anu aya di darat sarupaning cikur, kacang, suuk jeung
sajabana.
masarakat kacamatan tanjungmedar teu hilap ngamumule seni
tradisi sunda di antarana :
1.
Seni tanji kuda renggong anu sadayana desa
ngagaduhan grup (kuda 36 ekor, tanji 11 grup sareung penarina 2 grup).
2.
seni tarawangsa aya di desa tanjungwangi.
3.
Kendang penca anu ayana di desa
kertamukti.
4.
Seni gemyung ayana di desa kamal sareung
tanjungwangi.
5.
Seni jaipong ayana di desa cikaramas,
wargaluyu sareung sukatani.
6.
Seni tardug ayana di desa cikaramas.
7.
Seni reog ayana di desa jingkang
8.
Upacara adat sunda ayana di desa jingkang
9.
Kacapi suling ayana di desa sukatani
Kacamatan
tanjungmedar ngagaduhan visi anu nunjang ka visi kabupaten sumedang nyaeta
kacamatan tanjungmedar (menarik, sejahtera,
ramah sareng agamis) atanapi disingkat kacamatan tanjungmedar “mesra”.
Kacamatan
tanjungmedar sanajan ayana di pasisian sareung tapeul wateus jeung kabupaten
subang teuteup ngadukung sareung ngalaksanakeun sumedang jadi puseur budaya
sunda.
